Senin, 08 Juli 2013

Kata-kata Pelepasan Kelas 6



“Paturay Tineung”

Anaking…
Wanci ieu hidep baris medal ti ieu sakola, tempat hidep nyuprih elmu 6 taun lilana.
Bapa/ Ibu masih inget, jeung pasti bakal tetep inget, pinterna hidep, bageurna hidep, badeurna hidep, jeung sarupaning kalakuan nu nandakeun urang hirup babarengan di ieu tempat.
Danget ieu, anaking…. Hampura Bapa, hampura Ibu, boh bisi aranjeun pernah kasentak, pernah kabentak, pernah kateunggeul, pernah kasintreuk. Hampura, anaking…. Teu aya maksud bapa/ibu pikeun nyiksa raga lahiriah hidep.  Bapa/ibu sakadar hariwang jeung melang, inggis hidep hirup mengpar tina aturan agama, sieun hirup hidep mengpaar tina aturan nagara. Sakali deui anaking, hampura bapa, hampura ibu! Nyakitu deui Bapa miwah Ibu, seja pisan ngahampura hidep mun tea mah hidep baroga kasalahan ka Bapa katut Ibu Guru.
Anaking…
Prak geura gunakeun elmu nu ku hidep disuprih di ieu sakola.
Amanat bapa, poma ulah poho ka sakola, tempat hirup urang babarengan salila 6 taun di SD Suryasari. Silaturahim urang kudu tetep manteng mayeng, teu kaurug ku waktu teu laaa ku jaman.
Bral miang anaking…
Dijurung pangdu’a indung dijajap pangdu’a bapa.
Ngalengkah bawa Bimillah,
Ditameng leber wawanen,
Tatandang binarung iman,
Rancage migawe pancen.
Bral miang geura tandang makalangan!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar